Program wajar salapan taun.

Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh

Patepang deui dina carita info Kuningan jeung sabudeureunana.
Wartos-wartos anu parenting
SD Negeri I Tangkolo leubeut ku prestasi dina widang Akademik jeung non Akademik
Program wajar salapan taun.

Wartos salengkepna didugikeun ku Roby Fadly Yanto. Pamiarsa.
SD Negeri I Tangkolo leubeut ku prestasi dina widang akademik jeung non akademik.
Ieu hal sakumaha anu ditetelakeun ku pupuhu SD Negeri I Tangkolo Saryonah, S.Pd. ka tim warta kota Kabupaten Kuningan.

Prestasi anu geus kahontal teh diantarana  nyaeta bidang akademik. Juara ka I Matematika jeung Bahasa Indonesia, juara ka 2 Ilmu Pengetahuan Sosial  jeung Ilmu Pengetahuan Alam anu diayakeun ku UPTD Pendidika Kacamatan Subang.

Salian ti eta juara ka I kosidah tradisional dina raraga sapta lomba anu diayakeun ku kantor Urusan Agama Kacamatan Subang , anu satuluyna geus meunang kapercayaan ti masarakat Tangkolo pikeun mintonkeun kosidah tradisional dina acara kagiatan hajatan.

Kuayana prestasi ieu, Saryonah,S.Pd. ngarasa reueus kalayan miharep sangkan bisa jadi pangrojong pikeun leuwih ngaronjatkeun deui prestasi akademik atawa dina widang non akademi

Pamiarsa.
Bupati Kuningan ngawajibkeun sakola salapan taun .
Ieu hal lumangsung waktu aya kunjungan ka SD Negeri I Tangkolo, ditandeskeun sakumna masarakat anu ngabogaan budak geus wayahna usia sakola kudu disakolakeun, sabab pamarentah ngawajibkeun sakola salapan taun.

Harita Bupati nandeskeun yen di Kabupaten Kuningan masih aya keneh masarakat anu can sadar pikeun nyakolakeun budak, padahal ayeuna pamarentah geus mere bantuan pikeun nuntaskeun wajar salapan taun anu mang rupa Bantuan Oprasional Sakola. Jadi beban biaya geus hampang. Tujuan pamarentah supaya barudak di Indonesia palinter.

0 komentar :

 
Tangkolo Online Informasi Dunia Kerja dan Bisnis Digital Media Advertise Indonesia