SAJARAH DESA TANGKOLO, SAJARAH SDN I TANGKOLO UPTD SAKOLA DASAR KACAMATAN SUBANG


          Harita, dina mangsa awal proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia anu diproklamirkeun ku bapa Ir. Soekarno jeung bapa Drs. Mohammad Hatta dina tanggal 17 Agustus 1945, pulo Jawa jadi tilu bagian, diantarana :
Ø   Jawa Barat Ibu kota di Bandung
Ø   Jawa Tengah Ibu kota di Semarang
Ø   Jawa Timur Ibu kota di Surabaya
Saterusna disebut propinsi, anu dipingpin ku saurang Gubernur.
          Jawa Barat dibagi lima karesidenan, nyaeta :
1.      Karesidenan Banten Ibu kotana di Serang
2.      Karesidenan Jakarta Ibu kotana di Purwakarta
3.      Karesidenan Bogor Ibu kotana di Bogor
4.      Karesidenan Priyangan Ibu kotana di Bandung
5.      Karesidenan Cirebon Ibu kotana di Cirebon
          Propinsi Jawa Barat sok disebut tanah Pasundan anu harita wilayahna nu tangtu di cicingan ku masarakat anu marake Basa Sunda.
          Tapi, warga laut Kaler mah henteu ngagunakeun Basa Sunda tapi Basa Jawa, naon sababna?
          Ceuk sajarah mah, eta teh dilantarankeun pageuh kaitanana jeung panyerangan Sultan Agung Mataram ka pamarentahan Walanda ngaliwatan jalan darat di sapanjang laut kaler Jawa Barat anu ngakibatkeun loba laskar Sultan Agung anu katinggaleun, saentosna Bitotama teu bisa ka lemburna.
          Karesidenan Cirebon kabagi opat Kabupaten, nyaeta Kabupaten Cirebon, Kabupaten Indramayu, Kabupaten Majalengka, jeung Kabupaten Kuningan.
          Ari Kabupaten Kuningan diwangun jadi opat kawadanan, nyaeta Kawadanan Kuningan, Kawadanan Ciawigebang, Kawadanan Cilimus, jeung Kawadanan Luragung.
          Ari Kawadanan Luragung diwangun  jadi opat kacamatan, nyaeta Kacamatan Luragung, Kacamatan Cibingbin, Kacamatan Ciwaru, jeung Kacamatan Subang.
          Kacamatan Subang diwangun jadi dalapan desa, nyaeta Desa Subang, Desa Gunung Aci, Desa Situgede, Desa Patala, Desa Bungur Beres, Desa Cilebak, Desa Legok Herang, Desa jalatrang, jeung Desa Pamulihan.
          Desa Subang diwangun jadi sababaraha kampung anu harita mah dipingpin ku kulisi anu diangkat ku kuwu. Kampung-kampungna waktu harita : Kampung Tarikolot, Subang, Kancana,Cijambu, Cililitan, Bojong, Cicapar ( Cirahayu ), Bugel ( Bangunsari ), jeung Tangkolo.
          Dilantarankeun parobahan-parobahan, kapentingan masarakat, kiwari Tangkolo geus robah ngawujud desa, anu disebut desa Tangkolo. Asal muasalna Tangkolo teh kieu geura :
          Dikira-kira, awal abad ka dalapan belas, di hiji tempat mukimna warga anu tepatna di sisi walungan Cijolang beulah kulon, aya hiji tangkal anu kacida jangkung kalayan kokoh. Ku warga eta tangkal disarebut  “ Kitangkolo” anu ahirna dijadikeun ngaran lembur “Kampung Tangkolo” waktu harita, tur nepi ka kiwari diabadikeun jadi ngaran desa nyaeta Desa Tangkolo.
          Kantetna jeung sajarah mimiti ngadegna sakolaan di Desa Tangkolo, nyaeta kieu :  
          Waktu harita sakola teh kacida diawasi jeung diwatesanana ku panjajah Walanda. Kulantaran eta sakola teh ngan aya di tingkat kacamatan anu disebut Sakola Desa. Kacamatan Subang harita ngan aya hiji nyatana di Desa Situgede, saterasna di subang, di burujul.
          Saterusna diwangun Sakola Desa nu disebut “Volk Schul” atawa Sakola Rakyat, mun ayeuna mah SMP meureun.
          Kumaha kaayaan masarakat Tangkolo nu hayang sakola waktu harita? Tangtu kacida ripuhna, dilantarankeun jauh teuing.
          Waktu harita, bapa “Adiwikarta” anu jadi Kulisi Desa Tangkolo ngupayakeun ka pamarentah sangkan di Tangkolo bisa diwangun hiji sakola. Sanggeusna dikabulkeun, eta sakola disebut SD Subang II.
          Saha harita anu jadi pupuhu sakolana? Nyaeta Bapa Miskat Partadisastra sakalian sabage guru anu harita mah sok disebut juragan. Mantena (almarhum) minangka ngajabat ngajadi pupuhu sakola ti tanggal 01 Juni 1940-1953.
          Bapa Miskat Partadisastra kaasup warga masarakat anu kawilang nyongcolang jasana dina raraga nanjerkeun “pendidikan” di Tangkolo.
          Taun saterusna datang tanaga pangajar kadua anu disebut Guru Bantu ti Desa Kutamanggu. Nyatana Bapa Tepon Sastraatmaja anu teu lami digentos ku Bapa Guru Hasan Suwarna anu ti Subang.
          Tapi hanjakal, dina tanggal 27 Juni 1953, bapa Miskat Partadisastra sareng Bapa Sanpa’I ditewak, ditelasan, diduruk ku kakejeman DI/TII.
          Jadi kasimpulana, SDN Tangkolo dina sajarah mah ti mimiti taun harita.
          Cag ah ……
          Kitu cariosan sajarah SD Nagari I Tangkolo anu disusun ku kersana Bapa Samud Permana (almarhum) pupuhu SDN I Tangkolo.  


0 komentar :

 
Tangkolo Online Informasi Dunia Kerja dan Bisnis Digital Media Advertise Indonesia