biantara latihan upacara adat SDN 1 Tangkolo


UPACARA ADAT
A.         Nitih wanci nu mustari
Ninggang mangsa nu utama
Saluyu jeung “visi - misi sakola urang”
SD Nagara hiji Tangkolo..
Wanci ieu,  jembar ku kabungah..
Pinuh ku panglulur kalbu..
Leber ku wawanen…
Sanajan can pinuh kaparigelan..
Dulur-dulur,  para guru…
Murid-murid nu walagri…
Gancangan pada hempak merbayaksa…
Geura tatan- tatan…..
Petakeun ku adat kasopanan…
Tuh tingali,  tatamu agung, para gegeden..
“ parantos sumping”
Ujang,  nyai, …. Gulang-gulang jeung mamayang,…
Geura bukakeun panto kabagjaan …
Pikeun nampi para tatamu anu ti dayeuh Kuningan…
B. (Lengser, Phantom)
Ucuuu…. Geulis, Kasep, bageur….
Eneng-eneng…. Enok-enok….. anu garandang,,,
Geura papag para tatamu ku ibing katresna,
Geura sambut para pangagung ku tepak-tepak gumbira….
Geura sawer para inohong ku kembang kaajrih jeung kaheman….
Prung…..!!!
C. Ibu pupuhu sakola ngalungkeun kalung kembang kabagjaan…




“The ones 2012”  

0 komentar :

 
Tangkolo Online Informasi Dunia Kerja dan Bisnis Digital Media Advertise Indonesia